Search here

16 Feb 2013

Sajak Batara Kresna

Bari ngadangukeun  instrumentalia  Qank Prabu ... prak geura aos "Sajak Batara Kresna" ,... ieu!!!. 

Abah Opar Situs Sejarah Pajajaran & Sriwijaya

Gerelikna suling matak waas ku gumujeng salira nu geugeut kareueut...
Jentrengna kacapian nu ngagalindeng matak lirih ati gumejot hayang paamprok...

narawangan naratas jalan na implengan..matak nyeredet galuraning rasa...
salira datang...ngabebenjokeun...
salira datang.. ngabeberah..hate nu keur rungsing
salira datang...ngaheuyah-heuyah rasa nu keur tagiwur...ku malarindu
salira sumping...ngageplay ngagandeuang..
na jero hate kuring...
geuning galecok gumbreng... nembrakeun..pupuhu ning asih..

kiceup anjeun... nyirikeun wening na asih...
celakna soca salira... neuteup anteb mawa kana pangharepan
gumuyu... raksukan salaras jeung warna..rasa
tumaninah... calik aneprok na jero kalangkang hate..

deudeuh duriat..manjing na diri... beuki nembongan..
hampura simkuring tampoler nya pamadegan
hampura simkuring geus salah nya milah-milah
tigin kana ceunah ukur ceuk beja..

geuning...rasa asih beuki masket..bae..
hampura kuring geus salah nerka ning rasa salira..
waktos harita..
mun terang meureun kuring moal luas... tebih ti salira..
hanjakal tara tiheula..
hanjelu tara ti hulu..

alam pawenangan nu nyaksiane kana lumampah urang...
ukur ngaheruk...ngimpleng ngaraga meneng
deudeuh..teuing..
nyaah teuing..
mugia salira kiwari..
waluya diri....
pinareng jeung kabagjaan...
mugia salira..pinareng jeung kahuripan...

tresna kuring.. pasti nganteng...
moal pegat ku angin bajra..
tresna kuring moal laas ku panas moreret..
tresna kuring moal pudar.. ku hujan silantang
sanaos...diri.. aya nuboga...
tapi tetep asih mah anu anjeun..
sanaos tebih aya di luhur mumunggang... asih kuring pasti datang
sanaos sesah aya di jero wahangan..asih kuring pasti dongkap ... 
sumeren rasa ning asih... nya pinasti kapendak


sanaos anjeu aya nu boga...
hampura.. sanes kumawantun...
da hatemah moal aya nu bisa nyegah...
da asih mah moal aya nu bisa megat keun
sanaos dihalangan ku gunung tujuh...
deudeuh emut jatining asih tetep pasti.. nyungsi..
pinasti dugi ...
moal kahalangan sanaos gelap saleser pating jeleger...
tetep ngincid nepangan buah ati...

sanaos anjeun aya nu boga.....
tur di halangan ku pager beusi..tujuh lapis...
asih kuring moal ngarasa kahalangan...
sanaos poekmongkleng butarajin... simkuring pinasti bisa neuteup...ka salira..ku teuteup katresna rek satia...satuhu miasih...
guligah rasa...asa geus anteb mun tos wakca..nya balaka....
bray...rasa..
reup... deudeuh...masing cageur..
bray rasa masing sabar..
urang gumelar ka dunya lain kahayang sorangan...
tapi pinasti ti gusti nu maha wiydhi...

kuring teu nyanding kiwari jeung salira...
nya tumamprak kana kaayaan...
meureun ieu nasib diri..
meureun ieu nu ngarana bagja awak...
nu saenyana...
manusa..mung dipasihan..akal...
dipasihan pikir..
dipasihan rasa..
dipasihan naluri..
ieu sadaya kanggo nangtukeun kodo jeung kodar...
eta sadaya pasti manjingkeun kana takdir...
tapi takdir teh masih bisa keneh di tarekahan..

lain kuring...tikeukeureuweut ku keukeuh...
lain kuring tipepereket ku nu lain hakna...
lain kuring tipoporose ku hate ngalajur nafsu
lain kuring maido kana ka-ayaan..
da hirup jeung huripna manusa ...
geus ditangtukeun ku gusti numaha widhi...
urang mah ngan ukur kasab jeung Do'a....

ibarat urang rek ngarenghap...ngahela nafas..
urang teu kedah nyieun heula angin...
da anginmah geus nyampak...
tinggal milihan wujud angin...
nya rek angin...pinuh ku kebul ...
naha angin nu pinuh ku...haseup...
naha angin nu pinuh ku werejit...
naha angin nu pinuh ku panyakit...
naha angin nu pinuh ku mangrupa..
nyegerkeun ...seungit ngadalingding...
angin pinuh ku oksigen...
teu langkung urang...
nya..tinggal milih...

sapertos kiwari...
duriat kuring nya kuma kuring...
duriat anjeun... nya kuma anjeun...
moal aya nu bisa ngahalangan...
nya.. kuring...moal jalir...
kuring moal ijir...
mun kuring arek miheman ka anjeunna... nya kuma kuring ...
mun kuring rek satia satuhu, miwelas tur asih ka salira..
nya eta hak kuring... kumaha kuring...
moal aya nu bisa nghalangan ...
iwal tikarep kuring jeung pineda gusti nu maha agung..
nu ngusik jeung malikeun diri kuring...
cag... ...nu di pikameumeut siang sinareng wengi...

Pageviews Artcle

Rekomendasi Unuk Anda Baca

9 Prinsip Aqidah Ahlus Sunnah Wal-Jama'ah

Education and Knowledge Update   Apa Saja Yang Termasuk 9 Prinsip Aqidah Ahlus Sunnah Wal-Jama'ah itu ? Sahabatku beriku...

Comments
Comments