Search here

11 Feb 2013

Miheman Sastra Sunda (Curahan hate)

Abah Opar Miheman Sastra Sunda (Curahan hate)Puisi bahasa sunda sebagai upaya pelestarian bahasa, seni, dan sastra Sunda, dan turut serta sebagai memperkaya wahana kebudayaan Nusantara yang perlu di lestarikan. Berikut Abah akan menyampaikan sebuah puisi dalam bahasa Sunda sebagai curahan hati yang paling dalam tentang CELAMITAN (cerita lama masih dalam ingatan) arah hasil CURHAT (curahan Hate/Hati) puisi ini akan dapat menginspirasi sahabatku untuk membuat hal yang sama sebagai upaya pelestarian karya sastra buhun Sundanes tentang cinta atau mahabah.



Mun ieu katresna nu jati kiasih
sanggeus kasaeuran carita rata jeung lemah
digali deui tur dirumat
ku rasa tresna
datang ka sumirat
ning cipta
ngirut
rasa sajatining rasa tur asih
naha peta
kuring teh dosa?
Mun katresna   ku kuring disebut bebenne 
anu karem ka dasar sagara
cinta
bareng jeung parahu nu kalebuh
ku emut ngalanglayungan
bari tacan manjing dawuh ku wawuh
nu timpuh
kiwari diteuleuman
deui rasa tresna jeung asih
tur digosok nepi ka burahay deui
ngagurilap kawas kilat
naha laku kitu teh dosa?
Katresna   kiasih junjunan kuring
nu
mekar tacan mangsa asih sumanding
kiwari ditawa ku salira nu manis
tur geugeut
datang ka waluya saasalna deui
naha polah kitu teh dosa?
Anapon kitu imut pangirut salira nu manis  kiasih
nu kungsi ngacacang di pawenangan
rasa
tapi tuluy ditilemkeun ku nu tambelar
na hate
diguyur ku caina
 kadeudeuh jaman katukang
naha dosa ?
Laku nu mana nu disebut dosa teh
naha nu ngadakwa ngaruksak tatapak
cinta
ngalebur pupunden
rasa ning rasa teu kasebut dosa ?
Naha ?
Nanya teh lain pedah hayang dijawab
teu kudu dijawab
sabab pati huripna kiasih
aya dina sukma sakabeh
papada urang
anu jadi pananj
ungan gelarna tresna  balareya
nu sajatina 
salira janten  pupunden tur harepan ati
nu mang-windu2 dikisat ku nu
hate  tambelar rasa
kiwari nepi ka ramohpoy teu kaur nangtung
janten lamunan
semet kuat ngareret nganti nu ha'at
tur satia satuhu
Tapi mun tetep genah panasaran nya pangambahan
hudang
keun….katrena ! Majukeun…. Kadeudeuh!
Geuwat sangkeh
ulah tampoler nya hate
sabab awak
kuring raca ku tapak goresan keris sedih
Ngan pacuan sing wasapada nya asih nu wening
gaplah laksana polah t
eh ulah kasorang deui
bakal dibandungan ku sajarah
rasa urang duaan
nu tetep gurat napak dina buana
panca tengah kaasih
Cag ... .!
kiasih nu kapiraray siang wengi
Katresna   ngacacang na marcapada hate kuring
lain karek sakatiga
dumasar rasa mikanyaah
oge lain ukur mangalam-alam tilem kasilem
guligahna hate
tapi kiwari totonden
yen asih teh tetep nanceb na jero dada
katresna   geus ngalahir deui
geuning ieuh deudeuh pisan
Geus ngadeg asih kuring  memeh surya sumirat
geus ajeg
rasa cinta kuring memeh tarik jangkar
asih sajati kiwari geus mitembey lugay
dipedar jeung diguar
 ku pupunden  elmu linuhung
Lahir dina wanci nu kasungsi urang pasini
junggelek waluya jati
ning asih lir cinta munggaran
pedah disangling ku tirta jaman
natrat na emutan
mangka nu meleng loba nu pangling
geuning
jejeg pangadegna senting
asih nu jadi pangharepan
nyawalakeun kaasliannana
cinta urang duaan
boh ku usikna boh ku obahna
ulah lali ka asih sajati
https://juraganopar.blogspot.com
Poma ulah disangka pake rangkepan rasa miheman
sabab kiwari nyampak geus taya nu asli
tamaha urang duaan
hamo arek nyisikudi
kana laku nu geus ka sorang
Ngan mihape
Tahjalining Allah kang leuwih sampurna
mihape… mihape…
tresna kuring ka rasulna 
Mangkade ulah disapirakeun….




Posted by : Opar Suparma, M.Si

Back To Menu


Related Post:

Pageviews Artcle

Rekomendasi Unuk Anda Baca

9 Prinsip Aqidah Ahlus Sunnah Wal-Jama'ah

Education and Knowledge Update   Apa Saja Yang Termasuk 9 Prinsip Aqidah Ahlus Sunnah Wal-Jama'ah itu ? Sahabatku beriku...

Comments
Comments